Senin, 30 Maret 2020

MATERI "SAJAK" KELAS VII


Tugas Kelas VII 
31 maret-4 april 2020         = maca materi sajak ( dihandap)
5 April -11 april 2020         = nulis sajak karya sorangan (teu kenging copy paste/niron/nyalin                                                       sajak karya batur)
11 april-15 april 2020         = sajak ditulis dina kertas salambar, teras difoto


SAJAK”
MATERI KELAS VII
SEMESTER 2


Corona mawa cimata
Karya : M.E nugraha

Bangsa téh keur nalangsa
Panyakit datang teu mawa béja
Tingjarerit, tingkocéak nu geus tépa
Loba nu tilar dunya
          Ieu nagri keur ceurik
          Kolot budak tingjarerit
          Wabah ngaranjah kampung tur kota
          Warga siap kudu sayaga
Wabah corona beuki lega
Rék sabaraha nyawa nu palastra
Rék sabaraha loba budak nu leungit bapana
Rék sabaraha rebu indung nu leungit anakna
Gusti nu Maha Kawasa
Sadaya tina polah manusa
Manusa sarakah mawa sangsara
Mugi Gusti énggal ngangkat ieu panyawat
Nalangsa sirna salin bagja
Cimata nagri ganti raharja
               

Karangan di luhur disebutna sajak.
Naon ari sajak?
       Sajak nyaéta salahsahiji karya sastra nu ditulis dina wangun/bentuk ugeran atawa terikat, biasana ditulisna teh dina wangun bait, lain paragraf.
Ari sajak téh sarua jeung puisi, ngan ari puisi mah biasana dipaké dina basa indonesia.
         Kecap-kecap nu dipaké dina sajak umumna kecap nu ngandung harti konotatif atawa lain harti sabenerna, kekecapanana endah, atawa matak sumanget, matak nalangsa, sabab eusi sajak téh kaluar tina eusi hate jeung pikiran nu nulisna.
   Lamun urang rék nulis sajak tangtuna urang kudu berimajnasi, ngalamun, ngabayangkeun jeung konsentrasi, ngaluarkeun sagala eusi haté jeung pikiran kana bentuk tulisan.
Aya sababaraha hal penting nu kudu aya dina sajak
1.    Tema            = eusi sajak téh rék nyaritakeun naon
2.    Suasana        = gambaran kaayaan naha bungah, sedih, nalangsa, sumanget
3.    Imaji            = gambaran nu karasa, kadéngé, katingali dina lamunan
.   . Simbol           = kecap barang atawa sipat nu di pake pikeun ngagambarkeun maksud, conto
·         kecap kuburan, ceurik, sedih, cimata simbol tina kasedih
·         Perang, bedil, getih, panas, simbol tina sumanget
·         Kembang, rasa, hate, sono, imut, simbol tina rasa cinta atawa nyaah
5. Wirahma / irama = dina sajak mah kecap nu digunakeun biasana aya irama conto tungtungna a, atawa i maksudna ngarah énak jeung endah kadanguna, tapi hal eta lain hal nu utama
6.    Amanat        = hal positif nu rek ditepikeun nu ngarang ka nu maca


Conto 2
EMA,  APA
Sajak: Moch Gara


Ka saha kudu nyebut Ema?
Ka saha kudu nyebut Apa?
Éstuning hésé jeung sieun
Ti leuleutik, kuring can pernah
Diparéndé ku Ema
Diakod ku Apa
Éstuning Tétéh jeung Aa
Nu unggal poé dicalukan
Naha kuring teu sarua jeung batur
Hayang jajan ménta ka Ema
Hayang cocooan lumpat ka Apa
Naha ka mana jeung di mana
Ari Ema jeung Apa
Ngadéngé béja Ema jeung Apa téh
Tos tilar dunya.

                                                   (Dicutat tina Manglé no. 2143/2007)

Kamis, 19 Maret 2020


MATERI UJIAN MADRASAH
BASA SUNDA 2020
Kelas VII
1.   Dongéng
Jenis-jenis Dongéng
Ø  Fabel = Dongéng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan nu paripolah atawa tingkah lakuna siga manusa, conto : sakadang kuya jeung monyét, gajah jeung sireum
Ø  Farabel = Dongéng nu eusina nyaritakeun kahirupan jalma nu buga sifat pikaseurieun, pikalucueun conto : si kabayan ngala nangka, si kabayan di cukur
Ø  Sasakala atawa legenda = Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul hi tempat, barang atawa kajadian, conto : sasakala situ bagendit, sasakala uncal tandukan,
Ø  Mite/mitos = Dongéng nu eusina nyaritakeun hal-hal gaib nu dipercaya ku masyarakat, conto : Dongéng nyi roro kidul
Ø  Babad = Dongéng nu eusina kacampuran ku sajarah, jadi dina babad mah aya Dongéngna aya sajarahna, conto : carita babad prabu siliwangi, kian santang
2.   Pupujian
Ø  Eusi pupujian
Ø  Mangpaat pupujian
3.   Aksara Sunda
Ø  Matérina tos  di share keun dina grup kelas, pami teu aya pilari dina pencarian blog ieu
Kelas VIII
4.   Kawih
Ø  Nangtukeun eusi kawih
Ø  Amanat tina kawih
5.   Sisindiran
Sisindiran dibagi jadi 3:
Ø  Rarakitan = sisindiran nu cirina aya kecap nu diulang/dibalikan deui dina baris ka hiji kana baris ka tilu, baris ka dua kana baris ka opat
Conto :
hayang teuing buah muris
          Teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
Teu bisa ngakalanana

Ø  Paparikan = sisindiran nu cirina teu aya kecap nu diulang, tapi aya kecap nu sorana ampir sarua dina baris ka hiji kana baris ka tilu, baris ka dua kana baris ka opat
Conto :
aya meri dina rakit
          Boboko wadah bakatul
          Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Ø  Wawangsalan = sisindiran nu ngan ukur 2 baris, baris ka hiji pananya/soal, baris ka dua konci jawaban, jeung kudu di jawab
Conto :       
maung leutik saba imah
Haté téh teu daek cicing
Jawabanana : Ucing
         
Jukut jangkung sisi gunung
Haté abdi panas peurih
Jawabanana : eurih
Kelas IX
6.   Hutbah jeung biantara
Ø  Bedana hutbah ceramah jeung biantara
Hutbah = nyarita hareupeun jalma réa eusiana kaagamaan, waktuna geus ditangtukeun, tempatna geus ditangtukeun
Biantara = nyarita hareupeun jalma réa eusina hal nu sipatna umum, waktuna bebas, tempatna bebas
Ceramah = nyarita hareupeun jalma réa eusina ajaran agama, waktuna bebas, tempatna bebas
7.   Kampung adat sunda
Ø  Ngaran kampung adat jeung daerahna
Ø  Arsitektur suhunan imah sunda
8.   Novel
Ø  Unsur-unsur intrinsik
Ø  Novel munggaran
Ø  Bedana novel jeung carpon
9.   Babasan, paribasa, undak usuk basa
10.                Drama


Catetan : bilih aya nu kirang ngartos mangga pembelajaran tiasa ngalangkungan blog ieu, atanapi WA.. hatur nuhun
Mugia urang ditepangkeun deui, sehat sadayana,, Aamiin....

Rabu, 18 Maret 2020

Kumpulan sajak sunda

SASAB
Dimuat dina koran Sunda
15 april 2006

Geus jauh teuing ngalengkah teh
Ninggalkeun tali-tali paranti ngaji diri
Kasered caah unggal wanci
Leutak pagaliwota jeung runtah, motah
Ngemprakan nu teu bisa unggah
Geus jauh teuing geuning kasered teh
Kabawa gumuruhna napsu diri  nu teu maranti
Pangharepan ngarawel geusan pamuntangan
Jukut riut, alimusa, eurih
Saukur pangbebenjo ku kapeurih
Ngeset hate nu kapepende
Enya, nurih raheut kapeurih
Gusti paparin areuy geusan pamuntangan
Nu ngajait tina nyeotna leuwi
Nu ngangkat tina ngaplakna sagara
Sagara, enya sagara katunggara






BANJAR DINA KINANTI
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010

Bagja paparin nu agung
Anca lampah nganti-nganti
Nanjeur banjar jadi kota
Jurung nanjung lemah cai
Angkat darajatna warga
Rahayat kudu di sungsi

Ieu banjar nu pinunjul
Digjaya euyeub pangarti
Adiluhung tur bersĕka
Muntang mundut rido gusti
Akur saban warga dĕsa
Nĕmbongkeun raharja mukti






Sabot niat
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010

Renghap ombak ngalarung tungtung umur
Kagalémohan hambalan-hambalan wanci
Nu kalis kaduruk layung kamari
Pucuk seuneu na ramo lilin beureum
Katebak ringkang tanggara
Kalucas-kalices..
Pes…pareum
Cakueum….

Heureut lampah teu wasa ngalengkah
Kaeurad nirca, culika, deleka,
Rumasa..

Gurat kalang natrat satukangeun lawang
ngondang balebat
Naha?
Geuning nu datang layung deui layung deui
Reup…pareum
Cakueum…

Sabot niat ngajarumat benang pegat
Ngayuman waktu nu rek lumaku
Hawar-hawar sora léngkah
Ngajauhan…jauh…beuki jauh…les

Reup…pareum
Cakueum…


Jatinangor, 2009






SAJAK KEUR BANJAR
Dimuat dina priangan
24 Februari 2010

Pirang waktu nu lumaku
Ngajarumat kembang-kembang kahayang
Lebah tepis wiring wanci
Ngemu laksa harti sajati
Jati diri nu di sungsi

Banjar karang pamidangan
Banjir pangarti nu suci,
Bihari nagrina linggawesi
Laju ketakna para kompeni
Natrat ngagurat dina sajarah
Kasebit ku eusi dangding
Kasebat dina wawacan

Kiwari ninggang takdir kana pasti
Banjar ngajadi
Ngariksa harta, diri, lemah cai
Nu mandiri
Ka rahayat, geura hanjat wangun banjar
Ku kahĕman
Ka pangagung, poma adigung
Ajeg panceg kana jangji
Banjar idaman paparin gusti





Tahrim
Dimuat dina mangle
15 april 2010


Tahrim-tahrim nyaliksik wanci janari
Béh balé kambang, tajug, masjid agung
Ngoréjatkeun nu keur mangprung
Di jalan, di laut, di gunung
Di hotél, di langit, di kantor
Di udag maung

Kolépat
Lelembutan mubus embun-embunan
Nguliat megatkeun kawalat
Anggel, simbut parebut silih jenggut
Kuring gelut jeung simbut

Kélanan…sstt
Tahrim bale kambang bet jadi maskumambang
Panggero masjid agung kasilih juru demung
Nu di tajug ujug-ujug nyurup pucung

Gerung-gerung
Taki-taki rek mangprung
Ka jalan, ka laut, ka gunung
Ka hotel, ka langit, ka masjid agung

Assolatu khoirumminannaum…
Assolatu khoirumminannaum

Biur mangprung
Ka masjid agung
Di udag maung




Jatinangor, 2009

Hujan luhur astana
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010


Hujan luhur astana
Sabot teuteupan séséléké tukangeun keueung, teu kalis
Neumbrag samoja, kembangna tingkoléang katoél takdir
Marahmay, tinggelenyu nutup teuteupan
hujan panceg, pageuh
nyebrut ninggang taneuh, nurut pamundut
Awak jibreg cimutmut
Nu ti tadi nangtung, miharep hujan jadi sagara
malidkeun runtah na jero dada
hasud, adigung, munapék,
sirik, pidik, musrik

Girimis mungkas pancén nu maha suci
Samoja beuki atra, kembangna ngampar sadrah kana kanyaah
kakubur taneuh astana, sawaréh palid ngayuman cileuncang
Teuteupan euntreup di puseur astana
Lebah lombang kosong nyangkeredong
Gugupay

Bagja kembang samoja
Dihayap taneuh astana taya cidra taya culika



Astana cikuda  2009”











Eundeuk – Eundeukan
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010


Dulur
Beurang geus ngajak tandang muka sandiwara anyar
Lalakon nu rek medar Dialokan ku kalangkang
Campala ngajadi rajah pamuka
Muka diri muka ati
Muka sajatining harti

Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Hirup mah apanan eundeuk-eundeukan
Aya luhur aya handap, aya beunang aya leupas
Aya bagja aya suda, aya ceurik aya seuri
Cara aki jeung nini, sarua keur nyandiwara
mulas lambaran-lambaran lampah
nohonan tetekon pikeun lalakon
tanggara na saban lengkah
maturan renghap  samemeh datang pinasti

dulur
sing tarapti diri
balebat geus ngajak kebat
nyerangkeun nu keur jongjon eundeuk-eundeukan
teu malire hate nu salawasna rehe
hayu mulang, tuh batur geus nungtutan
ninggalkeun pakalangan, kahade obor awi nya karari,
keur  narawangan jalan nu baris kasorang
sandiwara geus lekasan
cunduk ninggang waktuna
manusa teu walakaya



Cimaragas 201
GIRIMIS NU SALIN JINIS
Dimuat dina priangan kaping 28 juli 2010




Girimis kasorenakeun
ngantebkeun sawangan nu gugulantungan luhureun tarang
nilik diri nu teu surti, mawa raga nu teu wasa
nuturkeun aji nu maranti
awak rempo, lalinu unggal waktu
pananya ngaduruk  jero dada
nyangkaruk hanjelu teu manggih tungtung
hanjakal ngabayah na letah, na hate, na dada
laju nyelek na tikoro, ngampar na eusi tarang
walatra nepi ka kacapuri

girimis lumengis
nenjo awak nu geus salin jinis
tanaga ledis balas nyurung-nyurung pangajak rasa
mudalkeun pangharepan nu samar kahayang
kiwari jalan narawangan, sanajan layung geus teu surti
kana wanci

girimis geus salin jinis
jadi mangrewu-rewu jamparing, tingbelesat
dipentangkeun balebat rupa gondewa, tingkolepat
mapay  nyawa niruk dada
dina renghap-renghap panungtungan




Cimaragas 2010






Sabada Janten Pajabat

Sabada jeneng janten pajabat
Salira katingal langkung hébat
Unggah mércy turun mércy, dampaleun karpét sayogi
Korsi empuk tina busa nu pangawisna
Artos caah, ti kénca ti katuhu ti luhur ti handap minuhan saku
Lir ciliwung, nu ngahurup puseur nagri
Calik, rapat, ngémut, istirahat, padungdengan ngawakilan rahayat

Saurna...
Ni’mat naker janten pajabat
Studi banding uang saku, rapat husus uang saku
Ancag-incig uang saku Sagalana uang saku
Saurna  kitu Gan?
Ah wajar nya Gan da sadayana kanggé rahayat
Sugan...

Sabada jeneng janten pajabat
Mung raraosan mah asa aya nu ical Gan!
Kapungkur mah agan téh béréhan, nyaahan, akuan
Éta lambey teu weléh gumujeng
Raray marahmay, caang narawangan harepan
Ka cacak kuricakan,  ka pakir, geus lir nu miskin Ngangken wargi.

Naha?
Kamana Agan ayeuna,  bujeng-bujeng ngangken wargi geuning
Ditaros gé teu ngawaler, hilap Agan teh??
Sibuk panginten nya Gan!
Ieu abdi nu waktos kamari ngabagi-bagi rejeki
Geuning basa waktos subuh-subuh
Tuturubun  ngawur-ngawur angpau
Hilap nya Gan!

Wilujeng Gan, abdi mah badé wangsul.
Mung itu aya salam ti jalan ronda, musola, balé désa Saurna diantos
Mugia suanten agan nu kapungkur harus teu robih janten heuras
Heuras sabada jeneng janten pajabat
Heuras sabada lambey digagantelan ku jangji sareng amanah
Cimaragas 2010


NGAGUSUR LUMAKU

Séréngéhna srangéngé unggal poé
Geus sabaraha réwu kali katénjo
Gelenyuna layung nu rék suwung
Geus sabaraha réwu kali teu kaitung
Dina tungtung-tungtung léngkah
Ngaliwatan taneuh belah
Jeung leutak sawah
Kadé salah nincak
Kadé salah nénjo
Tikoséwad
Sabab waktu ngagusur lumaku
Dina saban léngkah
Beuki deukeut beuki téréh
Beuki deukeut
Nepi ka pangancikan
Teuing poék teuing caang
Ukur nyorangan





















SAHA TÉA

Basa lampah lumaku nyusud kanyaah
Mapay tapak nu geus lila katincak
Kawirahmaan gentra kahéman
Na saha téa atuh anjeun téh?
Bet kumawani ngaguratkeun kalam
Dina lambaran kahirupan
Tuh hideung, beureum, biru, héjo
Natrat ngagurat

Naha saha téa atuh anjeun téh
nu ngamalirkeun kahéman tina teuteupan
ngagalurakeun motahna rasa
nu moal leber ku cangcaya

























SAJAK KAMELANG

Sajak kuring sajak kamelang
Nu kamari peuting nungtut ditataan
Dikoréhan, dicokélan, dibukaan
Disurupkeun kana wirahma kamelang
Ngarah akur jeung galindeng hariwang
na jero tarang nu longkewang

Sajak kuring sajak kamelang
Nu bacacaran ka saban madhab
Nyangsaya di pangkéng mongkléng
Ngulahék paduli poék
Sawaréh rangsak pabalatak
Sésana kabawa palid cimata
Nu nungtut ragragan, lir samoja maluguran

Sajak kuring sajak kamelang
Nu melang ka diri sorangan
Sok sieun siga sajak nu bacacaran
Ngampar acak-acakan
Hariwang
Diri teu merenah deui
Hariwang
Diri teu manggih aji

Cimaragas, September 2010-09-16





SAUR SALIRA

Salira nu miang
Ngestokeun ucap basa piwejang
Tina rangkadakna rangrang
Neang tempat endah nu can kasorang
Saur salira

Ayeuna rangrang tinggal regang
Pada nutuh runtuh
Nu ditatah geus jadi runtah
Salira nyandak diri rek nyorang jalan
Naha kacumponan?

Cenah kabagjaan

MATERI "SAJAK" KELAS VII

Tugas Kelas VII  31 maret-4 april 2020         = maca materi sajak ( dihandap) 5 April -11 april 2020         = nulis sajak karya sora...