Tugas Kelas VII
31 maret-4 april 2020 = maca materi sajak ( dihandap)
5 April -11 april 2020 = nulis sajak karya sorangan (teu kenging copy paste/niron/nyalin sajak karya batur)
11 april-15 april 2020 = sajak ditulis dina kertas salambar, teras difoto
“SAJAK”
MATERI KELAS VII
SEMESTER 2
Corona mawa cimata
Karya : M.E nugraha
Bangsa
téh
keur nalangsa
Panyakit
datang teu mawa béja
Tingjarerit,
tingkocéak
nu geus tépa
Loba
nu tilar dunya
Ieu nagri keur ceurik
Kolot budak tingjarerit
Wabah ngaranjah kampung tur kota
Warga siap kudu sayaga
Wabah
corona beuki lega
Rék sabaraha
nyawa nu palastra
Rék sabaraha
loba budak nu leungit bapana
Rék sabaraha
rebu indung nu leungit anakna
Gusti nu Maha Kawasa
Sadaya tina polah manusa
Manusa sarakah mawa sangsara
Mugi Gusti énggal ngangkat ieu panyawat
Nalangsa sirna salin bagja
Cimata nagri ganti raharja
Karangan
di luhur disebutna sajak.
Naon
ari sajak?
Sajak
nyaéta salahsahiji karya sastra nu ditulis dina wangun/bentuk ugeran atawa
terikat, biasana ditulisna teh dina wangun bait, lain paragraf.
Ari
sajak téh sarua jeung puisi, ngan ari puisi mah biasana dipaké dina basa
indonesia.
Kecap-kecap
nu dipaké dina sajak umumna kecap nu ngandung harti konotatif atawa lain harti
sabenerna, kekecapanana endah, atawa matak sumanget, matak nalangsa, sabab eusi
sajak téh kaluar tina eusi hate jeung pikiran nu nulisna.
Lamun
urang rék nulis sajak tangtuna urang kudu berimajnasi, ngalamun, ngabayangkeun
jeung konsentrasi, ngaluarkeun sagala eusi haté jeung pikiran kana bentuk
tulisan.
Aya
sababaraha hal penting nu kudu aya dina sajak
1. Tema
= eusi sajak téh rék
nyaritakeun naon
2. Suasana = gambaran kaayaan naha bungah, sedih,
nalangsa, sumanget
3. Imaji =
gambaran nu karasa, kadéngé, katingali dina lamunan
. . Simbol =
kecap barang atawa sipat nu di pake pikeun ngagambarkeun maksud, conto
·
kecap kuburan, ceurik, sedih, cimata simbol
tina kasedih
·
Perang, bedil, getih, panas, simbol tina
sumanget
·
Kembang, rasa, hate, sono, imut, simbol tina
rasa cinta atawa nyaah
5. Wirahma
/ irama = dina sajak mah kecap nu digunakeun biasana aya irama conto tungtungna
a, atawa i maksudna ngarah énak jeung endah kadanguna, tapi hal eta lain hal nu
utama
6. Amanat
= hal positif nu rek ditepikeun nu
ngarang ka nu maca
Conto 2
EMA, APA
Sajak: Moch Gara
Ka saha kudu nyebut Ema?
Ka saha kudu nyebut Apa?
Éstuning hésé jeung sieun
Ti leuleutik, kuring can
pernah
Diparéndé ku Ema
Diakod ku Apa
Éstuning Tétéh jeung Aa
Nu unggal poé dicalukan
Naha kuring teu sarua
jeung batur
Hayang jajan ménta ka Ema
Hayang cocooan lumpat ka
Apa
Naha ka mana jeung di mana
Ari Ema jeung Apa
Ngadéngé béja Ema jeung
Apa téh
Tos tilar dunya.
(Dicutat tina Manglé no.
2143/2007)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar